Rabu, 08 Februari 2023

Kamelang Hate, Februari 2023



                                                                        Kamelang Hate

Sisi Jalan aya nonoman keur anteng diuk sorangan, nyawang pasuliwerna kandaraan nu teu ereun-ereun meulah simpena janari ieu. Tapi pasuliwerna eta kandaraan teu bisa mepende jemplingna hatena nu kosong, loba kahariwang jeung karempan ngeunaan jalan hirupna nu rek di sorang. Kiwari, wanci beuki nyerelek ganti poe, ganti bulan tur ganti taun duka rek nepi ka lebah mana ieu lalakon tamatna, Manehna ngagerentes na hatena  "kuring nu salila ieu ceuk saliwat nu wanoh pasti nyangka gumbira teu aya masalah, Alhamdulliah kuring bagja tug nepi ka kiwari masih bisa nulis ieu carita tur masih bisa ngeclakeun cipanonm duka cipanon kabagjaan atawa sabalikna, Paralun ka gusti lain diri teu tumarima kana ieu papasten. Tapi kuring beuki kadieu bet asa beuki wegah nyanghareupan kahirupan. Loba pasalia antara nu dilakonan jeung hate  nu sabenerna, naha kuring kudu salilana pura-pura teu nanaon? ngan ka Gusti kuring jumerit, Da bongan lampah sorangan bet milih jalan ieu, kuring teu bisa mawa diri, kuring nu geus salah milih jalan, nu akhirna kiwri kuring aya di lebah dieu. Kuring nu teu boga kawani pikeun nangtukeun pilihan jeung mere kapastian, lain teu hayang ngarengsekeun ieu pasoalan, tapi lamun kuring ngajalankeun kahirupan luyu jeung hate, pasti loba nu jadi korban, nu pastina kulawarga jeung sakola tempat kuring nyiar nafkah bakal ngarandapan wirang nu teaya babandinganna. Dedeuh anaking hidep bet lahir ti Indung nu boga kalakuan saperti kieu. Kiwari kuring ngan bisa tumamprak kana papasten ti gusti, kuring pasrah Ya Alloh". 

Reg aya mobil angkot ereun hareupeuna, supirna nanya tujuan manehna, manehna ngan cukup ku ngagupaykeun leungeun nandakeun nolak. Barijeung bingung lampah kamana jugjugeun manehna kiwari, sarua jeung hatena naha rek dibawa kamana kahirupan manehna kiwari.

Cag... Guareun isuk pageto.

Nyambung ... ...

Kiwari, wanci nyerelek maju ka beurang, tapi manehna masih ngajengjen lebah dinya. Naha rek kamana manehna ngalengkah, naha rek kamana manehna ngamuarakeun tujuan hirupna di ieu alam dunya. Aya sarangeuy harepan nu ngolebat na dirina, manehna kudu nuluykeun lengkahna.  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kamelang Hate, Februari 2023

                                                                                          Kamelang Hate Sisi Jalan aya nonoman keur anteng d...